Pidato Sunda.docx : Tema Kebudayaan

Tema: Kebudayaan

Assalamualaikum wr wb

Ibu/Bapak Guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung tipayun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, margi mung barokah sareng rohmat Mantenna urang tiasa riung mumpulung dina kasempatan ieu.

Hadirin sadayana, dina danget ieu simkuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya sunda.

Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksud nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.

Harti kecap sunda teh luhur pisan, nyaeta gumilang. Harti kecap eta henteu ngan dilarapkeun dina panampilan, tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura Jawa Barat jaman Balanda taun 1935-an.

Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di Desa teu di Kota, masyarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadesek ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina glogalisasi, jiga musik pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dipikaresep kiwari ukur waasna. Lagu-lagu tarling ngan ukur kadenge dina kaset. Komo saenggeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.

Para hadirin sadayana, urang teh kedah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong nepi ka geugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.

Sakitu wae ti simkuring, pamungkasna mugi-mugi taofek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.

Wassalamualaikum wr wb.